dcsimg

Paus (mamalia) ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Paus nyaéta mamalia tina ordo Cetacéa, kaasup paus, pesut, jeung lumba-lumba. Ceuk istilah tradisional Sunda, paus nyaéta lauk nu kaasup panggedéna ari potonganana béda jeung lauk-lauk anu ilaharna sok didahar ku jelema.[2] Sanajan disebut lauk, saenyana mah paus lain lauk, tapi mamalia.[3]

Lauk paus éta téh mahluk nu getihna panas anu barudakna henteu lahir ti endog tapina dilahirkeun dina kaayaan hirup.[2][3] Sarta orok lauk paus dibéré dahar ti susu indukna kawas mamalia leutik séjénna.[3] Tapi lauk paus, kawas kabéh mamalia anu hirup di cai, diturunkeun ti nini moyang anu hirup di darat.[3] Jadi maranéhanana kudu menyesuaikan diri sangkan bisa hirup di jero cai[3] Ieu hartosna yén salila jutaan taun geus lumangsung parobahan-parobahan nu tangtu di jero awak maranéhanana.[3] Ku kituna maranéhanana bisa hirup di jero cai.[3]

Alatan lauk paus henteu miboga insang tapi ambekanna ngaliwatan paru-paru maranéhanana, salah sahiji ti parobahan-parobahan anu pang pentingna aya hubunganana jeung pernapasan maranéhanana.[3] Baheula liang irung maranéhanana aya di luhur di bagian hareup sirah.[3] Terus ayeuna liang irung geus pindah ka tukang ka bagian luhur sirah.[3] Ayeuna mah lauk paus nyieun hiji atawa dua liang peniup pikeun mempermudah bernapas di permukaan cai.[3]

Di jero cai, liang irung ieu katutup ku katup-katup leutik, sarta saluran-saluran hawa papisah ti sungut.[3] Ku kituna, kaayaanana henteu ngabahayakeun lamun lauk paus éta kudu ngasupkeun cai kana paru-paru.[3]

Lauk paus biasana naék pikeun ambekan saban lima atawa sapuluh menit, tapi maranéhanana bisa tetep aya di cai salila tilu pér opat jam[3] Sabot ngahontal permukaan, maranéhanana niup heula, atawa ngaluarkeun hawa anu geus dipaké ti paru-paru[3] Dina waktu maranéhanana ngalakonan hal ieu, maranéhanana nyieun sora tarik anu bisa kadéngé dina jarak nu tangtu[3] Semburan ieu lain cai, tapi hawa anu geus dipaké, anu eusina saab cai.[3]

Maranéhanana niup sawatara kali nepi ka maranéhanana geus bener-bener ngaganti hawa di jero paru-paru maranéhanana, sarta saterusna maranéhanana neuleuman cai atawa ngaluarkeun sora.[3] Sawatara lauk paus neuleuman cai sajero 2000 kaki.[3] Sakapeung lauk paus anu badag, sabot ngaluarkeun sora, ngalungkeun buntut-buntut maranéhanana ka hawa, atawa ngajol kaluar ti cai.[3]

Rujukan

  1. Citakan:MSW3 Cetacea
  2. a b Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t (id) Leokum, Arkady(1997) Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Paus (mamalia): Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Paus nyaéta mamalia tina ordo Cetacéa, kaasup paus, pesut, jeung lumba-lumba. Ceuk istilah tradisional Sunda, paus nyaéta lauk nu kaasup panggedéna ari potonganana béda jeung lauk-lauk anu ilaharna sok didahar ku jelema. Sanajan disebut lauk, saenyana mah paus lain lauk, tapi mamalia.

Lauk paus éta téh mahluk nu getihna panas anu barudakna henteu lahir ti endog tapina dilahirkeun dina kaayaan hirup. Sarta orok lauk paus dibéré dahar ti susu indukna kawas mamalia leutik séjénna. Tapi lauk paus, kawas kabéh mamalia anu hirup di cai, diturunkeun ti nini moyang anu hirup di darat. Jadi maranéhanana kudu menyesuaikan diri sangkan bisa hirup di jero cai Ieu hartosna yén salila jutaan taun geus lumangsung parobahan-parobahan nu tangtu di jero awak maranéhanana. Ku kituna maranéhanana bisa hirup di jero cai.

Alatan lauk paus henteu miboga insang tapi ambekanna ngaliwatan paru-paru maranéhanana, salah sahiji ti parobahan-parobahan anu pang pentingna aya hubunganana jeung pernapasan maranéhanana. Baheula liang irung maranéhanana aya di luhur di bagian hareup sirah. Terus ayeuna liang irung geus pindah ka tukang ka bagian luhur sirah. Ayeuna mah lauk paus nyieun hiji atawa dua liang peniup pikeun mempermudah bernapas di permukaan cai.

Di jero cai, liang irung ieu katutup ku katup-katup leutik, sarta saluran-saluran hawa papisah ti sungut. Ku kituna, kaayaanana henteu ngabahayakeun lamun lauk paus éta kudu ngasupkeun cai kana paru-paru.

Lauk paus biasana naék pikeun ambekan saban lima atawa sapuluh menit, tapi maranéhanana bisa tetep aya di cai salila tilu pér opat jam Sabot ngahontal permukaan, maranéhanana niup heula, atawa ngaluarkeun hawa anu geus dipaké ti paru-paru Dina waktu maranéhanana ngalakonan hal ieu, maranéhanana nyieun sora tarik anu bisa kadéngé dina jarak nu tangtu Semburan ieu lain cai, tapi hawa anu geus dipaké, anu eusina saab cai.

Maranéhanana niup sawatara kali nepi ka maranéhanana geus bener-bener ngaganti hawa di jero paru-paru maranéhanana, sarta saterusna maranéhanana neuleuman cai atawa ngaluarkeun sora. Sawatara lauk paus neuleuman cai sajero 2000 kaki. Sakapeung lauk paus anu badag, sabot ngaluarkeun sora, ngalungkeun buntut-buntut maranéhanana ka hawa, atawa ngajol kaluar ti cai.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia