dcsimg
Image of Egyptian riverhemp
Creatures » » Plants » » Dicotyledons » » Legumes »

Egyptian Riverhemp

Sesbania sesban (L.) Merr.

Jayanti ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Jayanti (Sesbania sesban) nyaéta hiji tangkal nu asalna tina kulawarga Papilionaceae.[1][2] Dina basa Jawa sok disebut giyanti, atawa kelor warna.[1][2] Di Indonesia, tangkal jayanti loba kapanggih hirup utamana di Pulo Jawa, dipelak dina galengansawah jeung sisi kebon.[2] Ampir kabéh bagéan tangkal jayanti bisa dimangpaatkeun kayaning: ubar, parab ingon-ingon, suluh, gemuk, Téh, jeung sajabana.[1][2][3]

Ciri mandiri

Tangkalna teu pati jangkung, kurang leuwih 2-6 méter.[1][2] Dauna kawas daun peuteuy daun majemuk sapasang-sapasang aya kana 7-25 pasang dina unggal cupatna.[1][2] Dauna laleutik, tungtungna lonyod sarta tungtung sisina lemes.[1][2] Kelir kembanna konéng ngarantuy bijil tina cupat.[1][2] Buahna wujud polong kawas buah turi pédah leuwih leutik (sagedé nyéré) buahna bijil dina sacupat aya kana 2-5 siki sakapeung leuwih.[1][2]

Dicutat tina

  1. a b c d e f g h Redaksi AgroMedia . 2008 . Buku Pintar Tanaman Obat: 431 Jenis Tanaman Penggempur Aneka Penyakit . PT Agromedia Pustaka . ISBN 979-006-194-3
  2. a b c d e f g h i "Tanaman Obat Indonesia: Jayanti". IPTEKnet. Diakses tanggal 2014-05-20.
  3. Sutanto, ranchman . 2002 . Penerapan Pertanian Organik . Penerbit Kanisius . ISBN 978-979-21-0186-7
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Jayanti: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Jayanti (Sesbania sesban) nyaéta hiji tangkal nu asalna tina kulawarga Papilionaceae. Dina basa Jawa sok disebut giyanti, atawa kelor warna. Di Indonesia, tangkal jayanti loba kapanggih hirup utamana di Pulo Jawa, dipelak dina galengansawah jeung sisi kebon. Ampir kabéh bagéan tangkal jayanti bisa dimangpaatkeun kayaning: ubar, parab ingon-ingon, suluh, gemuk, Téh, jeung sajabana.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia