dcsimg

Kucubung ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Kucubung nyaéta tutuwuhan kembangan anggota kulawarga Solanaceae, nu miboga watang kai sarta kandel.[1][2] Kucubung mimiti diwanohkeun ku Linnaeus dina taun 1753, tapi sacara botani pedaran jeung gambaran ngeunaan kucubung masih can merenah.[1] Tutuwuhan ieu dipaké minangka ubar kurang leuwih dina abad ka-10.[1] Kucubung aya nu asalna ti Asia Tenggara tapi aya ogé nu asalna ti Benua Amérika.[1] Sanajan kitu wilayah asal ieu tutuwuhan can bisa dipikanyaho kalawan pasti.[3]

Ciri-ciri Kucubung

Tutuwuhan ieu miboga loba cabang nu mekar ka katuhu jeung ka kénca.[1][2] Jangkung kucubung téh biasana mah kurang ti 2 méter.[1][2] Daun kucubung (Angel's Trumpet) warnana héjo, wangunna buleud siga endog sarta sisina gagarinjelan jeung posisina biasana pahareup-hareup.[1][2] Salian ti éta tungtung daun kucubung biasana seukeut.[1][2]

Kembang kucubung mirip jeung tarompét warna bodas atawa warna layung.[1][2] Tapi kucubung hias mah bisa miboga warna kembang anu rupa-rupa.[1][2] Makuta kembangna biasana warna ungu.[1][2] Panjang kembangna kurang leuwih 12–18 cm.[1][2] Kembang kucubung biasana mimiti mekar ti sore tepi ka peuting.[1][2]

Buah kucubung wangunna buleud, warnana héjo, bagéan luarna sok aya cucukan sedengkeun bagéan jerona mah dieusian ku siki-siki laleutik anu garepéng warnana konéng kacoklat-coklatan.[1][2]

Habitat Kucubung

Kucubung biasana hirup di daérah dataran rendah nepi ka ketinggian taneuh 800 méter di luhurun permukaan laut.[1][2] Salian tumuwuh liar di leuweung jeung di huma, kucubung ogé mindeng dipelak minangka tutuwuhan hias di buruan imah.[1][2] Cara ngamekarkeun ieu tutuwuhan téh ku cara sték atawa ngaliwatan siki.[1][2]

Mangpaat jeung Racun Kucubung

Kucubung, utamana jenis Datura metel ngandung sababaraha senyawa kimia di antarana: hiosin, co-oksalat, zat lemak, atropin (hyosiamin) jeung skopolamin.[1][2] Kandungan ieu nyababkeun kucubung bisa digunakeun minangka ubar tradisional pikeun ngubaran asma, reumatik, nyeri cangkéng, cararangkeul, bisul atawa éksim, nyeri huntu, totombé, nepi ka sumilangeun.[1][2] Bagian nu mindeng dipaké pikeun ubar nyaéta daun kucubung.[1][2]

Salian ti dipaké ubar, kucubung ogé ngandung racun mangrupa zat alkaloid nu miboga efek halusinogén utamana dina bagéan sikina.[1][2] Dina sababaraha kasus kapanggih, siki kucubung dipaké maéhan manéh.[2]

Referensi

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u "Kecubung – Ciri-Ciri Tanaman, Serta Khasiat dan Manfaatnya | Situs Tanaman Obat Indonesia". www.tanobat.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2017-11-11. CS1 maint: Unrecognized language (link)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s "Kecubung Punya Khasiat Obat Jadi Racun". Diakses tanggal 11 November 2017.
  3. Preissel, Ulrike; Hans-Georg Preissel (2002). Brugmansia and Datura: Angel's Trumpets and Thorn Apples. Buffalo, New York: Firefly Books. pp. 120–123. ISBN 1-55209-598-3. Cite uses deprecated parameter |coauthors= (bantuan)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Kucubung: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Kucubung nyaéta tutuwuhan kembangan anggota kulawarga Solanaceae, nu miboga watang kai sarta kandel. Kucubung mimiti diwanohkeun ku Linnaeus dina taun 1753, tapi sacara botani pedaran jeung gambaran ngeunaan kucubung masih can merenah. Tutuwuhan ieu dipaké minangka ubar kurang leuwih dina abad ka-10. Kucubung aya nu asalna ti Asia Tenggara tapi aya ogé nu asalna ti Benua Amérika. Sanajan kitu wilayah asal ieu tutuwuhan can bisa dipikanyaho kalawan pasti.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia